Istilah Nu Aya Kaitan Jeung Corona Virus Disease (Covid-19)

By | Maret 26, 2020
corona

Bisi Aya nu bingung keneh soal istilah dina Corona Virus Disease (Covid-19). Tah ieu mangga penjelasanna…

  • Covid-19 : Corona Virus Disease-19
  • ODP : Orang Dalam Pemantauan Diawasi bisi beunang… Soalna bisi pernah indit ka Atawa ti luar negri atawa luar kota nu aya wabah positif Corona..
  • PDP : Pasien Dalam Pengawasan Gering diawasi tapi acan beunang virus ceuk dokter..
  • Suspect : Kakara dicurigai kena virus tapi acan kabuktian..
  • Positif : Tah ieu mah geus beunang..
  • Lockdown : Sawilayah jelmana teu meunang indit, teu meunang bijil… Ngerem bae di Imah sorangan.. “thong chi ling ching chat”
  • Social Distancing : Kudu ngajaga jarak, ulah Milu kumpul-kumpul..
    Arisan Komo deui ka mall jalan-jalan tuluy heug teu meuli nanaon..
    Jaga jarak Mun Panggih jelma minimal 1,8 meter.
  • Isolasi : Nu Gering teu meunang iinditan ti RS. Jadi isolasi teh lain hartina diplester ku lakban bodas.
  • Karantina : Nu sehat ulah iinditan meh teu katularan..
  • Work From Home (WFH) : Gawe di imah … Tah Mun ieu mah ngareunah Ngan Lila teuing mah bosen da…
  • Imported Case : Katularan ti luar Ngan laporna di dieu…
  • Local Transmission : Jelmana katularan ngan kapanggih alamat jeung asalna timanai..
  • Epidemi : Geus nyebar tereh pisan Ngan di Sa wilayah keneh..
  • Pandemi : Geus jadi wabah nu nyebar dimana mana Geus teu puguh pokona mah.. Jadi kudu waspada pisan..
    Tah Panyakit Corona teh geus asup kana kategori Pandemi.

Share Lurr..

Dek Bela ka Masyarakat mah Teu Kudu Nungguan Jadi Pajabat heula..

ati-ati virus corona, cicing di imah we nya mun teu perlu-perlu teuing mah. Gambar oleh Vektor Kunst iXimus dari Pixabay
Cicing di imah, tong chi ling ching chat….

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *