Rupa-rupa Tukang Dagang

By | 19 Oktober 2019
dagang

Pedagang (Bahasa Indonesia) dina basa sunda disebutna tukang dagang.

Lamun dititenan, tukang dagang teh aya rupa-rupa macemna. Artikel rupa-rupa tukang dagang ieu ngan saukur heuheureuyan nya, tong dianggap serieus. Nya itung-itung ubar baeud we lah, tibatan lieur mikiran nagara. keun we urusan nagara geus aya nu mikiran nyaeta pamarentah saparakanca. Kabotak-botak hulu mikiran nagara mah, urang mah urang khusu we usaha neangan duit nu loba.

Tah ieu rupa-rupa tukang dagang versi banyolan urang sunda :

  • Tukang dagang nu TEU BISA DITAWAR nyaeta tukang roti. Promosina mah roti tawar tapi angger we teu bisa di tawar.
  • Tukang dagang nu PALING NEKAD nyaeta tukang gas. Geus nyaho jalanan mudun, masih we ngagorowok Gaaas! gaaas! lainna di rem.
  • Tukang dagang nu KURANG PAGAWEAN nyaeta TUKANG SANGU GORENG. Sangu geus asak, masih we digoreng.
  • Tukang dagang nu TEU AYA KATA NYESEL nyaeta TUKANG BUBUR. Apanan, nasi udah jadi bubur, masih we dijual.
  • Tukang dagang nu PANG ANEHNA nyaeta TUKANG LAUK. Lauk paeh hayoh we diomongkeun lauk segar.
  • Tukang dagang nu PALING LIEUR nyaeta TUKANG CETAK FOTO. Ditanya 3×4 sabaraha, manehna ngajawab 3.000. pan lieur nya!?
  • Tukang dagang nu SOK POHO nyaeta TUKANG SAYUR. Maenya gogorowokan sayur, sayur! ari pek teh aya cabe, tempe, tahu, lauk hayam dijual oge.
  • Tukang dagang NU PALING ULET nyaeta TUKANG DAGANG LESEHAN, unggal peuting gulung tikar, isukna buka deui gelar samak deui, luar biasa!
  • Tukang dagang nu DI DUNIA KEKERASAN nyaeta TUKANG DAGANG BEUSI. Sok we digegelan ge bakal teuas atuh, sok komo mun dilamotan wungkul mah, dijamin awet.

Yeuh nya, tukang dagang naon wae, eta teh istilah keren na mah “para pejuang keluarga”. Jadi, ulah isin da mangrupa ibadah oge pikeun nyukupan keluarga jeung shodaqoh keur tabungan di akherat. Dagang teh pagawean mulia mun diniatan nganafaqohan keluarga jeung keur bekel akherat mah.

Lur, dagang teh nu paling penting mah kudu halal. Dadagangan naon ge nu penting mah barangna/ usahana halal. Ari halal mah, sanajan hasilna loba jeung mucekil ge teu nanaon pan malah jadi berkah. Ari dagang halal mah, moal pimatakeun dunia akherat…

Hiji deui, dagang kudu dibarengan ku hate beresih, someah jeung loba senyum. Ulah jadi tukang dagang anu baeud wae, ngewa jeung teu matak nyaman nu meuli.

Senyum tukang dagang. Tukang dagang nu someah in syaa Alloh loba nu reuseupeun.

Tukang dagang nu jujur teh, diantarana teu ngurangan timbangan, dagangnya jujur, teu ngajual hayam bangke diaku hayam seger, teu ngaku-ngaku geus aya nu nawar padahala mah can aya, de es be. Saur kanjeng rasul ge tukang dagan nu jujur mah bakal meunang tingkatan darajat surga nu luhur.

Penulis ge tukang dagang da. Salam dagang we atuh nya keur sasama tukang dagang…!

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *