Kumpulan Carita Sunda

By | Juli 11, 2015

Ieu artikel di handap teh carita dina basa sunda mangrupa carita sunda biasa, carita bodor sunda, jeung sajabana. Mangga para saderek, bilih aya nu bade nambihan ieu artikel khususna carita sunda, kintunkeun wae ka simkuring.

Sok lah urang kawitan ku carita sunda di handap ieu.

Leungit Sendal !

Kajadian ieu teh anyar keneh alias haneut keneh, harita mah!.

Nyaeta peuting hria. ieu mah kajadian nyata pisan lain rerekaan atana ceuk bahasa kakinian mah lain “hoax” tea.

Mimitina kuring teh kokotetengan neangan sendal anu ngadak-ngadak raib sakoteap, padahal cik keneh ditinggalkeun asup masjid, teu kaop ingkah saeutik, eta sapasang sendal teh ojol-ojol morojol ngaleungit teu ngabekas pisan.

“Wah, ieu mah sigana aya nu nginjeum teu bebeja,” ceuk kuring dina jero hate.

Harita teh di sawataran masjid loba keneh barudak anu keur arulin jeung babaturanna. Aya nu lulumpatan, aya nu ucing sumput, aya nu sasapedahan, aya oge anu mengbal.

Eta barudak teh sigana mah make batre energizer, maenya jam dua welas peuting masih carulinghak keneh bangun nu teu tunduh, padahal anu dina jero masjid mah bangun nu raripuh nahan ngantuk sawatara itikapan ngudag laelatul qodar tea. Pating golepak siga pindang bari ngalempeungkeun cangkeng.

Nya kuring ge teh henteu suudzon yen sendal aya nu ngabarokahkeun, ah paling ge aya nu nginjeum teu bebeja.

Da sok kitu, duka kumaha pipikiranna nu sok nginjeum sendal batur teu bebeja teh? mun nimpa ka manehna ge tangtu bakal rada gegeleneng minimal nahan supaya sabar lah, jeung kadang-kadang sendal nu diinjem teh sok teu balik deui ka asal mula manehnya make sendal urang.

Nginjeum na belah dieu ari disimpen di belah ditu, atuh sok karunya mun aya nu kokotetengan neangan sendal teh. Anu dimaklum mah, nya nu teu nyadar tea yen manehna teh make sendal batur.

Bakat kutunduh tea bubaran pangajian, maklum lulungu keneh da waktu ngiluan tadarusan teh lup leup diganda sare. Ceuk manehna mah, ” acara teh meni asa gancang nya!”. Nya enya atuh da tadi sapanjang pangaosan teh ngaheruk tungkul wae, tiba-tiba ustadz na nutup acara. hehe…

Anu leuwih parah mah, nya kadang aya jalma anu niat jahat anu ngahaja ngalanto ka masigit lain rek nyiar elmu ngilu pangajiana sok komo itikapan mah, tapi manehna mah ngahaja rek nukeurkeun sendal atawa sapatu manehna jeung nu alus.

Apan cenah ceuk pa ustadz oge, “candak nu saena, piceun nu awonna.” Bakat ku paham teuing manehna teh nepi ka urusan sendal atawa sapatu oge kitu, ari anu butut ditinggalkeun di masigit, tuluy manehna make sendal batur nu alus.

Kungsi kuring ge ngalaman sendal alus keneh raib digondol si bedul teh…hehe…nyeta lain rezeqi urang tea, sendal pamere teh leungit. Nya di istirja an we meh jadi pahala jeung diganti ku gusti Alloh ku nu leuwih alus jeung barokah keur urang. Tibatan rugi dua kali, geus leungit sendal teu balik deui, ditambahan ambek-ambekan teu puguh nyiar-nyiar pidosaeun.

Ret ka hiji budak anu mamake sendal warna hideung anu dipakena kokoplakan badag teuing keur ukuran suku manehna mah. “Tah eta gening sendal kuring teh, asa wawuh ka sakadang sendal teh,”gerentes kuring.

Ngan eta tea rada poek da peuting tea, bisi salah, nya tuluy we dituturkeun eta budak teh kamana ingkahna. Rumangsa kuring mah jalma bageur tur someah, eta budak teh teu digeunggeureuhkeun sok komo dicarekan beak dengkak mah gara-gara make sendal teu bebeja kanu bogana.

Nyeta (=nyaeta hartina: “yaitu” dina Basa Indonesia, lain : “monyet numpak kareta”), hadeuh dasar budak teu boga lilingeuran, teu kapikiran nya, yen mun make sendal batur teh, tangtu nu bogana sendal bakal neangan lantaran rek dipake.

Kulantaran rada poek jeung eta pergerakan budak teh meni lingas nya antukna kuring rada reuwas, ditingal sukuna eta budak geus nyeker deui teu make sendal. “Haar, kamana sendal kuring teh?” na jero hate. Tadina mah rek ditanya we, ari sendal nu dipake tadi dikamanakeun, tapi teu tuluy bisi salah lain budak eta nu tadi mamake sendal kuring teh.

Ah, dipaluruh we, sugan sendal teh digolerkeun dimana atawa ditinggalkeun dimana, tungtungna mah kuring teh kokotetengan deui neangan sendal bari nyenyeker suku.

Na..eta mah, akhirna kuring seuri sorangan, singhoreng sendal kuring teh dipake gawang mengbal. “aduh sendal saya dipake gawang euy!” ceuk kuring bari semu seuri. atuh barudak anu ngarulpul teh ngilu nyengseurikeun bari ngucap, “sendalna si bapa eta dipake gawang!”

Cik atuh barudak, lamun rek make sendal keur gawang mah tong make sendal batur. Pake we sendal sorangan. Dasar budak teu boga lilingeran pisan! hehe…

Carita TV Pareum
Teu karasa TV di imah teh geus pareum aya rek 5 bulanna. Malah ayeuna kuring asa teu boga TV we di imah teh. Lain teu boga duit keur meneran, tapi asa eueweuh alesan we keur ngabeneurkeun “sakadang” TV teh.

Sapopoe teh asa tiis ceuli herang mata, teu kagandengan ku TV nu biasana ngagedur we hampir sapoe jeput.

Ti isuk jedur nepi ka sore jeder ngang gandeng we ku sora TV.Siga na mah ieu teh pedah kuring geus nanjak ka kolot.

Maklum ari aki-aki mah sok resep jempling teu loba gagandengan.Rek menerkeun TV teh maju mundur we, nya eta tea tadi naon alesanna kudu ngahurungkeun ieu TV.

Saprak TV pareum, diperhati-perhatikeun barudak leuwih fokus diajar boh palajaran sakola, ngerjakeun PR, oge dina raraga sakola agamana, nya ngapalkeun doa-doa, nya ngapalkeun surat-surat pondok tina quran, jsb, teu kaganggu ku acara TV.

Pantes we barudak anu harapal quran mah, dicarek pisan nonton TV teh. Da memang TV teh pangaruhna luar biasa, komo mun salah nu ditongton na mah samisalnya budak can dewasa ngadon nonton nu lain keur umurna, oge dina TV sok aya adegan kekerasan, dina sinetron-sinetron kadang-kadang nyontoan budak teu hormat ka kolot, pa agul-agul kabeungharan, jeung sajabana.

Sok komo nu kolot na tara aya di imah mah, saha anu rek nyarek budak urang teu meunang nonton acara TV anu teu pantes atawa lain keur umurna. A

pan pilem budak ge sarupa spongebob squarepants mun apal mah apanan tina ngaran kota na ge geus cabul pisan, maenya ngaran kota dingaranan “bikini bottom“, na naon kitu hartina eta teh.

Dina pilem ucing jeung beurit “Tom & Jerry” meni loba pisan adegan kekerasan silih takol, silih gebug, teu akur.

Ah, ieu mah sabulang bentor we…da mangga teh teuing ieu mah ngan saukur ceuk pola pikir kuring nu sederhana.Tangtu mangpaat TV ge teu kaitung lobanya, misalna aya acara tausiyah, berita, informasi jeung sajabana.Ceuk anjeun kira-kira loba mudhorotna atawa mangpaatna TV teh?

Nya tangtu balik deui ku sewang-sewangan, sagala ge da kumaha nu ngamenejna, meh rada gaya mah “The man behind the gun” na.

Mugi carita sunda di luhur, aya mangpaat jeung barokahna pikeun urang.

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *