Rasa Jeung Bau
Rupa-rupa Aambeuan jeung Rarasaan (mcam-macam bau-bauan dan rasa) ieu teh mangrupa kabeungharan basa Sunda (ini merupakan kekayaan Bahasa Sunda).
Rupa-rupa aambeuan (macam-macam bau/wangi yang tercium indera penciuman/hidung kita) dan Rarasaan (yang terasa oleh indera perasa kita yakni lidah).
Sebagai contoh “seungit (wangi)” hartina aambeuan anu ngeunah kaambeuna (wewangian yang enak tercium hidung, bukan indra mulut apalagi telinga), sabalikna tina bau (kebalikan dari bau yang tercium hidung).
Contoh pemakaian dalam kalimat (larapna dina kalimah):
“Kembang malati mani seungit ngadalingding” (kembang melati begitu wangi). Kata “ngadalingding” menegaskan wangi melati tersebut.
“hitut manehna meni ngahiliwir bau penghar” (kentut dia bau jengkol/peuteuy).
“Asa aya bau hangit haseup dudurukan nya!?” (perasaan ada asap berbau barang yang terbakar (kaduruk) /diduruk (dibakar) seperti dudurukan sampah, sesuatu yang gosong/tutung).
Nah. selain contoh “aambeuan” dalam kalimat di atas , masih ada kata lain dalam bahasa Sunda yang menunjukkan bau/wangi tertentu, seperti tertera di bawah ini :
A. Aambeuan | ||
Bau | bangké, bugang, kokotor jalma/sato | |
Hangit | olahan anu tutung, barang anu kaduruk | |
Hangru | getih | |
Hangseur | cikiih | |
Hanyir | lauk, getih | |
Hapeuk | pakéan kotor, tempat kotor | |
Haseum | kokotor ucing, kélék nu késangan, olahan anu geus lila | |
Penghar | jéngkol, peuteuy, obat-obatan nu ngandung bahan kimia | |
Pesing | cikiih | |
Segak | bako, cipeuyeum | |
Seungit | kembang, parfum | |
B. Rarasaan | ||
Amis | rasana gula | |
Anta | rasana cai (cai sumur di taneuh tela/basisir) | |
Asin | rasana uyah | |
Gahar | rasana manisan, inuman nu ngandung rasa amis-haseum. | |
Haseum | rasana cuka, bungbuahan nu atah kénéh | |
Kecut | rasana cuka | |
Kesed | rasana salak (salak ngora) | |
Keutar | rasana geutah, cangkang bungbuahan | |
Keurang | rasana kadaharan nu geus tengi atawa nu digoréng ku minyak ku kalapa murah | |
Lada | rasana céngék | |
Pahang | rasana buah jéngkol, iwung nu geus kolot atawa nu can diasakeun | |
Pangset | Rasana olahan nu réa teuing uyah (asin pisan) | |
Pait | Rasana kina, paria, hamperu | |
Peuheur | Rasana térong |
Tah, mun rarasaan mah anu karasa ku indra pengecap nyaeta letah (lidah) urang. Rasa pait, lada, pangset, amis, asin, haseum,pahang, jsb (jeung sajabana/ dan lain-lain).