Seri Pelajaran Basa Sunda Bagian 12, Rupa-rupa Leumpang (Nama Cara Berjalan dalam Bahasa Sunda)

By | September 9, 2017
bahasa-sunda-rupa-rupa-leumpang
Dalam artikel Seri Belajar Bahasa Sunda sebelumnya telah di bahas nama macam-macam duduk dalam Bahasa Sundarupa-rupa diuk dina basa Sunda“. Ini sebagai bukti kekayaan Bahasa Sunda. Untuk duduk saja, begitu banyak macamnya, ada anjeucleu, cingogo, nyanghunjar, ngabaheuhay, ngalageuday, dsb.

Artikel kali ini, kita akan membahas nama-nama cara berjalan dalam Bahasa Sunda. Sebelum kita lanjutkan, kita nikmati dulu salah satu lagu Sunda legendaris populer kebanggaan masyarakat Sunda yang berjudul Mojang Priangan (Gadis Priangan) yang pencipta lagunya dikenal sebagai Mamah Iyar (Iyar Wiarsih). Mojang = gadis, Priangan = pusat tatar sunda.

Bukan tanpa alasan tentunya, saat penulis mengangkat tulisan “rupa-rupa leumpang” ini, penulis teringat akan lagu mojang priangan yang di dalam nya terkandung etika dan perilaku gadis priangan dan salah satu macam nama berjalan dalam Bahasa Sunda.

Apa itu ? kasih tahu nggak ya? mau tahu saja, atau mau tahu banget ?

Para wargi urang sunda anu ku sim kuring dipihormat. Utamina anu yuswana ayeuna diluhureun 40 taun, tangtos moal bireuk deui kana kawih mojang priangan di handap ieu. Kawih mojang priangan anu kakoncar ti taun 1960 an.

Lagu Mojang Priangan ini mencapai puncak ketenarannya lebih dari 10 tahun sejak tahun 1960 dan berhasil mengangkat citra Mojang Priangan yang terkenal gareulis maranis campernik, donto, rapi dan molek. Setuju? Satuju we atuh lah meh gancang ! hehe…

Lagu ini makin populer saat dinyanyikan oleh penyanyi Sunda, Nining Meida, Inilah lirik lagu Mojang Priangan

Angkat ngagandeuang

Bangun taya karingrang

Nganggo sinjang dilamban

Mojang priangan

Umat imut lucu

Sura seuri nyari
Larak lirik keupat
Mojang priangan

Diraksukan kabaya

Nambihan cahayana
Dangdosan sederhana
Mojang priangan

Diraksukan kabaya

Nambihan cahayana
Dangdosan sederhana
Mojang priangan

Mojang anu donto

Matak sono nu nempo
Mun tepung sono ka
Mojang priangan

Gareulis maranis

Disinjang lalenjang
Estu suluk mun leumpang
Mojang priangan

Digigirna ge lenggik

Dihareupna ge sigep
Ditukangna lenjang
Mojang priangan

Diraksukan kabaya

Nambihan cahayana
Dangdosan sederhana
Mojang priangan

Diraksukan kabaya

Nambihan cahayana
Dangdosan sederhana
Mojang priangan

Mojang anu donto

Matak sono nu nempo
Mun tepung sono ka
Mojang priangan

Nah, itulah lirik lagu Mojang Priangan. Tibalah saatnya yang berbahagia, kita mengulas yang mana di dalam lirik tersebut, macam cara berjalan dalam Bahasa Sunda?

Orang Sunda tentu tidak akan kesulitan menemukan macam cara berjalan dalam bahasa Sunda, yang dimaksud dalam lirik tersebut.

Kita juga akan dibuat kagum, dengan pemilihan kata cara berjalan Mojang Priangan dalam lagu tersebut yang menunjukkan pencipta lagu nya memang betul-betul Orang Sunda yang nyunda, karena banyak juga orang sunda yang kurang nyunda, malah lebih bangga dengan bahasa deungeun.

Ya, anda benar, dalam lirik tersebut ada disebutkan macam cara berjalan yakni “ngagandeuang”.

Nah, apa bedanya dengan cara berjalan ngageboy, ngageyot, ngadedod, ngagidig, ngagegag, ngungkug, ngingkig, dsb, silakan bedakan pada penjelasan di bawah ini :

  • Boyot = leumpang kendor bangun beurat awak.
  • Déog/péngkor =leumpang dingdet lantaran suku nu sabeulah rada pondok.
  • Dohot-dohot = leumpang lalaunan bari semu dodongkoan cara peta nu ngadodoho.
  • Égang/égol = leumpang cara budak nu anyar disunatan lantaran bisul dina palangkakan, jsté.
  • Gonjléng = leumpang awéwé bari ngobah-ngobahkeun awak, haying narik perhatian lalaki.
  • Ingkud-ingkuan/jingkrung = leumpang teu bener lantaran nyeri suku, jsté.
  • Jarigjeug/jumarigjeug = leumpang bari semu rék labuh (biasana jalma nu geus kurang tanaga atawa nu kakara hudang gering).
  • Jingjet = leumpang semu hésé ngaléngkah lantaran cacad suku atawa make samping nu heureut teuing.
  • Képoh = leumpang teu bener lantaran tuur rada paadu (méh kawas aksara x).
  • Kukurubutan = leumpang rada dodongkoan di nu bala atawa di nu rembet kakayon.
  • Moyongkod/mongkoy = leumpang anca rada dongko, némbongkeun ulat sieun atawa éra.
  • Narabas = leumpang di nu bala atawa di nu rembet kalawan teu miduli cucuk, jsb.
  • Neker = leumpang di tempat nu nanjak pisan (netek).
  • Néléndén = leumpang budak, anca, pikalucueun.
  • Nelenyeng = leumpang nu asalna anca ujug-ujug gancang.
  • Niliktik = leumpangh budak nu kakara bias leumpang gancang, titiliktikan ka ditu ka dieu.
  • Nolog = leumpang talag-tolog (lantaran teu awas) di nu poék.
  • Noyod = leumpang nurutkeun karep sorangan, teu maliré ka nu nyaram.
  • Ngabadaus = leumpang (semu gancang) teu luak-lieuk.
  • Ngabéngbéos/méngpéos = leumpang teu luak-lieuk (biasana lantaran aya kakeuheul, kateusugema, jsté).
  • Ngadaligdeug/dalugdag-daligdeug = jarugjag-jarigjeug, leumpang kawas nu mabok, kawas nu rék titotolonjong.
  • Ngadédod = (awéwé) nu leumpang anca sarta biritna ka kénca ka katuhu.
  • Ngagidig = leumpang gancang sarta segut.
  • Ngadigleu = leumpang kendor, semu bareurat ngléngkah.
  • Ngadudud = leumpang gancang teu luak-lieuk.
  • Ngagandeuang = leumpang sale, dada ajeg, bari keupat laun.
  • Ngagéang = leumpang semu égang.
  • Ngageblay = leumpang awéwé, anca, bari keupat laun, geblay-geblay.
  • Ngageblig = leumpang bari neundeut-neundeutkeun suku tepi ka kadéngé sora blig, blig, blig (sabalikna tina keketeyepan)
  • Ngagéboy = leumpang awéwé nu rada lintuh, awakna semu leuleus.
  • Ngagégag = leumpang kendor semu beurat awak.
  • Ngagéyot/ngagiyet = leumpang awéwé bari semu ngobah-ngobahkeun bujur.
  • Ngageuyeuggeung = leumpang laun nu keur gering atawa nu kakara hudang gering.
  • Ngagidig/ngagedig = leumpang gancang sarta segut (sarua jeung ngadigdig).
  • Ngagigeug = leumpang semu beurat ku awak, oyag ka kénca ka katuhu.
  • Ngagilincing = sesebutan keur nu leumpang teu mawa nanaon.
  • Ngagiplek = leumpang awéwé nu gendut, bujurna guplak-giplek.
  • Ngagitek = leumpang awéwé bari semu ngaghutak-gitek bujur.
  • Ngalanggéor = leumpang awéwé (biasana nu lenggik) nu alus katempona.
  • Ngaléjég/lajag-léjég = leuleumpangan di hareupeun batur bari ambek.
  • Ngalénghoy = leumpang alon lantaran cape.
  • Ngaleyad = leumpang anca diaplén.
  • Ngeteyep = leumpang laun ( biasana nu keur ngintip) sieun kadéngé atawa katempo ku batur.
  • Ngincid = leumpang gancang sorangan.
  • Ngingkig = leumpang gancang teu luak-lieuk.
  • Ngiciprit = leumpang keur waktu hujan atawa loba kénéh cileuncang.
  • Nyelengceng = leumpang gancang sosoranganan (miheulaan batur).
  • Ngungkug = leumpang gancang teu luak-lieuk.
  • Nyerenteng/nyirinting = leumpang semu lumpat nyampeurkeun batur (bari ambek).
  • Rarampéolan = leumpang semu leuleus (nu keur mabok, jsté.).
  • Rincug = leumpang teu bener lantaran nyeri dampal suku, atawa leumpang di nu bala sieun kacugak lantaran teu make sandal/sapatu.
  • Sasampoyongan = leumpang gagaléongan (nu keur mabok, gering, jsté.).
  • Sésélékét = leumpang diantara jelema loba.
  • Seselendep = sarua jeung sésélékét.
  • Singkang = leumpang semu jegar lantaran sukuna (ti lebah tuur ka handap) semu ka luar, sabalikna tina képoh.
  • Tonggoy = leumpang teu luak-lieuk (bari tungkul), teu miroséa ka nu gegeroan.
  • Totolonjongan = leumpang kawas nu rék titotolonjong.
  • Turugtug, nurugtug = leumpang gancang di nu mudun.
  • Tuturubun = turun atawa leumpang rurusuhan, buru-buru.

Nuduhkeun leumpang lobaan (Menunjukkan berjalan orang banyak) :

  • Ngabring = leumpang babarengan.
  • Ngabrul = kaluar atawa indit babarengan.
  • Ngaburudul = kaluar ti hiji tempat (lobaan).
  • Ngaleut = leumpang babarengan (jalamana leuwih loba ti batan ngabring).
  • Ngantay = sarua jeung ngaleut.
  • Ngeungkeuy = saharti jeung ngaleut; ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut ngembat-ngembat nyatang pinang (paribasa).

Itulah, rupa-rupa leumpang atau macam-macam nama cara berjalan dalam Bahasa Sunda. Kadang kita lupa harus menggunakan kata apa dalam Bahasa Sunda untuk menjelaskan suatu cara berjalan. Mudah-mudahan artikel ini bermanfaat.

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *