200 Babasan dan Paribasa Sunda Beserta Artinya

By | Juli 9, 2017
sunda

Babasan sareng paribasa sunda teh mangrupi buktos kabeungharan kecap basa sunda. Dina ungkara basa anu saeutik patri, tur umumna murwakanti, tiasa kagambar angen-angen, adat cahara, sareng palasipah urang sunda enggoning hirup kumbuh“, demikian dikatakan Adang S, Pupuhu Caraka Sundanologi dalam pengantar Buku 1000 Babasan Jeung Paribasa Sunda, Cetakan Pustaka Setia, yang disusun oleh Drs. Budi Rahayu Tamsah, Drs. Dadan Djuanda dan Dra. Tati Purmawati.

Dijelaskan bahwa babasan dan peribahasa sunda adalah merupakan bukti kekayaan Bahasa Sunda yang merupakan susunan kata yang sudah merupakan satu kesatuan, dan mengandung arti bukan kata-perkata. Babasan, kalau dalam Bahasa Inggris disebut “idiom”.

Baca Juga :

DP BBM Bahasa Sunda

Kumpulan Peribahasa Sunda Bergambar

Jadi babasan dan paribasa sunda, gabungan kata yang sudah baku, sudah sesuai pakem, dibangun dari beberapa kata yang mengandung arti tertentu bukan arti kata perkata namun mengandung arti tertentu.

Bedanya, babasan dan paribasa adalah kalau babasan, ucapan baku yang tersusun biasanya gabungan hanya dua kata saja, misal :

  • gede hulu (besar kepala, artinya : sombong, bukan : kepalanya ukurannya besar)
  • panjang leungeun (panjang tangan artinya suka mencuri, bukan : tangannya panjang ukurannya)
  • heurin ku letah (sempit lidah artinya berat mengucapkannya)
  • dll

Sedangkan “paribasa” adalah berupa rangkaian kata baku yang membentuk sebuah kalimat/ ucapan yang biasanya merupakan perlambang lakon kehidupan. Misal : Adat kakurung ku iga, Mihape hayam ka heulang, kokoro manggih mulud puasa manggih lebaran, cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok, cul dogdog tinggal igel, dll.

Baik babasan maupun paribasa merupakan bahasa pakeman (sudah baku) yang merupakan satu kesatuan, yang artinya akan berubah bila diubah baik susunan maupun pengucapannya. Bilamana ditambah atau dikurangi atau diganti dengan bahasa sunda halus/ sunda lemes, sifat dan artinya jadi berubah dan akan terdengar aneh pula.

Misal : babasan “gede hulu” bila di ucapkan/ditulis dengan bahasa sunda halus/lemes jadi “ageung mastaka”, ini akan terdengar aneh dan artinya tentu jadi berubah. Begitu pula bila di gabung dengan tambahan misal : ngagedean huluna, akan merubah artinya.

Berikut ini sebagian “Babasan Jeung Paribasa Sunda” yang umum dipakai dalam percakapan di kehidupan sehari-hari Orang Sunda :

  1. Atah anjang = langka silih anjangan
  2. Adigung adiguna = takabur, sombong
  3. Ambek nyedek tanaga midek = napsu gede tapi tanaga euweuh
  4. Anjing ngagogogan kalong = mikahayang nu lain-lain
  5. Adat kakurung ku iga = lampah goreng hese leungitna
  6. Alak paul = jauh pisan
  7. Aki-aki tujuh mulud = geus kolot pisan
  8. Ayem tengtrem = tenang taya kasieun
  9. Asa teu beungeutan = awahing / bakat ku era
  10. Anu borok dirorojok, nu titeuleum disimbeuhan = mupuas ka nu keur cilaka
  11. Amis budi = hade paroman
  12. Aya jurig tumpak kuda = aya milik nu teu disangka-sangka
  13. Aya jalan komo meuntas = aya kahayang, tambah aya nu ngajak
  14. Awewe dulang tinande = awewe nurutkeun kumaha salaki
  15. Amis daging = babari katerap panyakit
  16. Abong letah teu tulangan = sagala dicaritakeun sanajan pikanyarieun batur
  17. Ari umur tunggang gunung, angen-angen pecah sawed = ari umur geus kolot tapi ari kahayang siga budak ngora
  18. Agul ku payung butut = agul ku turunan
  19. Aya pikir kadua leutik = aya kahayang
  20. Asa ditonjok congcot = ngarasa bungah pisan
  21. Adean ku kuda beureum = ginding ku pakean meunang nginjeum
  22. Birit aseupan = teu daek cicing
  23. Biwir nyiru rombengeun = resep nyaritakeun rusiah atawa kasalahan batur
  24. Bengkung ngariung, bongkok ngaronyok = sauyunan, ngariung babarengan
  25. Beurat birit = hese dititah
  26. Bali geusan ngajadi = lemah cai kalahiran
  27. Balungbang timur = nuduhkeun hate beresih
  28. Bobo sapanon carang sapakan = aya kakurangan
  29. Bilatung ninggang dage = bungah pisan
  30. Batok bulu eusi madu = ninggang lain pitempateunana
  31. Badak cihea = degig
  32. Bonteng ngalawan kadu = nu hengker ngalawan nu bedas
  33. Babalik pikir = insap
  34. Balik pepeh = nu gering teu daek cicing
  35. Balik ka temen = asal banyol jadi pasea
  36. Buntut kasiran = medit
  37. Bodo alewoh = bodo tapi daek tatanya
  38. Bodo kawas kebo = bodo kacida
  39. Beja mah beje = beja ulah waka dipercaya
  40. Bancang pakewuh = pikasusaheun
  41. Budak keur meujeuhna bilatung dulang = keur meujeuhna beuki dahar
  42. Bulu kapaut = kabawa ku batur
  43. Balabar kawat = beja nu sumebar
  44. Beak dengkak = sagala ikhtiar geus diusahakeun tapi can aya hasil
  45. Batan kapok kalah gawok = batan eureun kalah maceuh
  46. Buruk-buruk papan jati = hade goreng dulur sorangan
  47. Cueut ka hareup = tereh maot
  48. Deukeut-deukeut anak taleus = deukeut tapi taya nu nyahoeun
  49. Disakompet daunkeun = disamarutkeun
  50. Dibejer beaskeun = dijentrekeun, dieceskeun
  51. dogdog pangrewong = acara panambah
  52. Dibabuklalaykeun = dibabuk ngenca ngatuhu
  53. Dagang oncom rancatan emas = teu saimbang
  54. Dihin pinasti anyar pinanggih = papasten geus ditangtukeun ku Gusti Alloh
  55. Dug hulu pet nyawa = usaha satekah polah
  56. Elmu ajug = bisa mapatahan batur, ari sorangan teu bisa ngamalkeun
  57. Gantung denge = masih dedengeeun
  58. Ginding kekempis = ginding tapi sakuna kosong
  59. Gede gunung pananggeuhan = boga andelan pedah boga dulur beunghar
  60. Garo mengmengan = taya kasabaran
  61. Galegeh gado = sagala dicaritakeun
  62. Garo singsat = pagawean awewe dina aya ka teu panuju
  63. Gurat batu = pageuh kana janji atawa mawa karep sorangan
  64. Goong saba karia = nonjolkeun maneh sangkan kapake ku dunungan
  65. Goong nabeuh maneh = ngagulkeun diri sorangan
  66. Getas harupateun = gancang napsu
  67. Gindi pikir belang bayah = goreng hate
  68. Hampang birit = daekan kana gawe
  69. Hambur congcot murah bacot = goreng carek tapi berehan
  70. Heuras genggerong = omonganana sugal
  71. Hade gogog hade tagog = jalma sopan
  72. Hutang salaput hulu = hutangna ka ditu ka dieu
  73. Hurung nangtung siang leumpang = nu beunghar pangabogana dipake
  74. Hejo tihang = sok pundah-pindah pagawean
  75. Harigu manukeun = dadana nyohcor ka hareup
  76. Haripeut ku teuteureuyan = gancang kapincut ku pangbibita
  77. Harewos bojong = ngaharewos tapi kadenge ku batur
  78. Handap lanyap = omonganna lemes tapi ngahina
  79. Halodo sataun lantis ku hujan sapoe = kahadean mangtaun-taun leungit ku kagorengan sakali
  80. Heureut pakeun = kurang kaboga
  81. Hampang leungeun = gancang tunggal-teunggeul
  82. Iwak nangtang sujen = ngadeukeutkeun pibahayaeun
  83. Inggis batan maut hinis = paur pisan
  84. Jalma atah warah = teu narima didikan sacukupna
  85. Jati kasilih ku junti = pribumi kaelehkeun ku semah
  86. Jauh-jauh panjang gagang = jauh-jauh teu beubeunangan
  87. Kawas anjing tutung buntut = teu daek cicing
  88. Kawas anjing kadempet lincar = gogorowokan menta tulung
  89. Kawas bueuk meunang mabuk = ngeluk taya tangan pangawasa atawa jempe teu nyarita
  90. Kurung batok = tara indit-inditan jauh
  91. Kawas beusi atah beuleum = beungeutna beureum awahing ambek
  92. Kokolot begog = budak pipilueun ngomong kana urusan kolot
  93. Kawas nu dipupul bayu = leuleus taya tangan pangawasa
  94. Kumaha geletuk batuna, kecebur caina = kumaha behna
  95. Kejot borosot = gancang nyokot kaputusan teu dipikir heula
  96. Kabawa ku sakaba-kaba = kabawa ku nu teu puguh
  97. Kahieuman bangkong = jiga beunghar pedah katitipan barang batur
  98. Katempuhan buntut maung = batur nu boga dosana, urang nu katempuhanna
  99. Kawas cai dina daun taleus = taya tapakna
  100. Kawas jogjog mondok = teu daek repeh
  101. Kelek jalan = deukeut, tapi jalanna taya nu leumpang
  102. Kawas jeles kasaatan = teu daek cicing
  103. Kawas gaang katincak = jempe
  104. Kawas hayam panyambungan = lumbang-limbung teu puguh cabak
  105. Kawas kuda leupas ti gedogan = ngarasa bebas
  106. Kaciwit kulit kabawa daging = anak nu boga dosana, kolot kababawa
  107. Kandel kulit beungeut = euweuh kaera
  108. Kujang dua pangadekna = pagawean nu maksudna dua cabak
  109. Kokoro manggih mulud = makmak-mekmek
  110. Kawas kedok bakal = goreng patut pisan
  111. Kaliung kasiput = loba baraya beunghar
  112. Kawas kapuk kaibunan = leuleus taya tangan pangawasa
  113. Kalapa bijil ti cungap = rusiah dicaritakeun ku sorangan
  114. Kawas kacang ninggang kajang = nyaritana capetang tur gancang
  115. Kawas nyoso malarat rosa = sangsara pisan
  116. Kulak canggeum = milik nu geus dtangtukeun ku Gusti Alloh
  117. Kembang buruan = budak nu keur resep ulin
  118. Kawas leungeun palid = uyup-ayap teu daek cicing
  119. Kawas lauk asup kana bubu = hese rek kaluar
  120. Kawas merak = beuki kana cengek
  121. Kawas cucurut kaibunan = goreng patut pisan, kulimis
  122. Ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salogak = sauyunan
  123. Leuleus awak = daekan
  124. Leuleus jeujeur liat tali = gede tinimbangan
  125. Laer gado = tara daek repeh; resepna barangpenta ; kabitaan
  126. Leutik-leutik ngagalitik = awakna leutik tapi gede kawani
  127. Landung kandungan laer aisan = gede tinimbangan
  128. Lalaki langit, lalanang jagat = gagah perkasa
  129. Lauk buruk milu mijah = marok-marokkeun maneh
  130. Lesang kuras = teu bisa nyekel duit
  131. Leumpeuh yuni = teu kuat nenjo nu cilaka
  132. Lodong kosong ngelentrung = jalma loba omong, pangartina kosong/ saeutik
  133. Loba luang jeung daluang = loba pangaweruhna
  134. Leutik ringkang gede bugang = manusa awakna leutik jiwana gede
  135. Legok tapak genteng kadek = loba pangalaman
  136. Meungpeun carang ku ayakan = api-api teu nyaho padahal nyaho
  137. Murag bulu bitis = teu betah cicing di imah
  138. Mindingan beungeut ku saweuy = ngarusiahkeun hiji perkara padahal batur geus nyahoeun
  139. Miyuni kembang = loba nu mikaresep
  140. Miyuni tai = loba nu mikangewa
  141. Miyuni kohkol = nasibna diteunggeulan wae batur
  142. Monyet dibere sesengked = nu rek jahat dibere parabot
  143. Mipit teu amit, ngala teu menta = cocorokot kana barang batur
  144. Monyet ngagugulung kalapa = boga elmu teu nyaho maksudna
  145. Mopo memeh nanggung = ngarasa hoream memeh digawe
  146. Maut nyere ka congona = sangsara ka kolotnakeun
  147. Malengpeng pakel ku munding = migawe nu moal hasil
  148. Nu asih dipulang sangit = kahadean dibales ku kagorengan
  149. Nete taraje nincak hambalan = tartib mapay ti handap
  150. Nyeri beuheung sosonggeteun = ngalieukan nu rek datang tapi teu jol bae
  151. Ngajul bentang ku asiwung = pagawean nu moal kahontal hasilna
  152. Ngabuntut bangkong = teu puguh tuluyna
  153. Nyolong bade = bangun bageur tapi jahat
  154. Nyeungeut damar di suhunan = barangbere hayang kapuji
  155. Nyaah dulang = ka budak ngurus daharna wungkul, pendidikannana teu dipirosea
  156. Ngeplek jawer = taya wawanen
  157. Ngadaun ngora = jadi rame
  158. Nyoo gado = ngunghak
  159. Nyalindung ka gelung = nu teu boga, kawin ka awewe beunghar
  160. Ngadu geulis = paalus-alus
  161. Ngarep-ngarep kalangkang heulang = ngarep-ngarep rejeki bari teu usaha
  162. Neundeun piheuleut = ngajak goreng
  163. Ninggang kana kekecrek = nya goreng rupa, nya goreng lampah
  164. Ngalungkeun kuya ka leuwi = nitah balik ka lemburna
  165. Ngawur kasintu nyieuhkeun hayam = ari ka batur bageur, ari ka dulur medit
  166. Ngaboretekeun liang tai di pasar = nembongkeun wiwirang sorangan
  167. Ngadeupaan lincar = api-api ngaliwat hayang diaku ; ngareup-ngareup pamere
  168. Nyiduh ka langit = sahandapeun mapatahan ka saluhureun
  169. Ngeupeul ngahuapan maneh = ngaluskeun hiji perkara pikeun kauntungan pribadi
  170. Nangkeup mawa eunyeuh = ditulungan ahirna nyilakakeun ka nu nulungan
  171. Ngadek sacekna nilas saplasna = nyarita sajalantrahna
  172. Nyieun pucuk ti girang = miheulaan nyieun pipaseaeun
  173. Ngageuingkeun macan turu = ngahudang piambekeun batur
  174. Nulak cangkeng dina kelek = ngarasa luhur diri
  175. Oray nyampeurkeun paneunggeul = nyamperkeun pibahayaeun
  176. Paanteur-anteur julang = silih anteurkeun
  177. Panjang leungeun = daek puak-paok
  178. Panjang lengkah = jauh panyabaanana ; loba pangalamanana
  179. Pindah pileumpangan = robah adat
  180. Paeh teu hos, hirup teu neut = gering ngalanglayung
  181. Pacikrak ngalawan merak = jalma hina ngalawan nu mulya
  182. Piit ngeundeuk-ngeundeuk pasir = jalma lemah ngalawan nu kuat
  183. Pupulur memeh mantun = menta buruhan memeh digawe
  184. Puraga tamba kadenda = digawe tamba lumayan
  185. Pagiri-giri calik, pagirang-girang tampian = pakia-kia teu daek sauyunan
  186. Rea ketan rea keton = taya kakurang
  187. Silih jenggut jeung nu dugul = silih tulungan jeung nu teu boga
  188. Saciduh metu saucap nyata = sakti, ucapannana tara nyalahan
  189. Sisit kadal = goreng milik
  190. Sibanyo laleur = ngan saliwat geus beak deui
  191. Saur manuk = ngajawab bareng
  192. Sieun meubeut meulit = sieun kabawa
  193. Teu gedag bulu salambar = taya kasieun
  194. Titip diri sangsang badan = mihapekeun maneh
  195. Teu beunang dikoet ku nu keked = medit pisan
  196. Ti kikirik nepi ka jadi anjing = ti bubudak nepi ka sawawa
  197. Ti ngongkoak nepi ka ngungkueuk = ti ngora nepi ka kolot
  198. Teng manuk teng, anak merak kukuncungan = kalakuan kolot nurun ka anakna
  199. Tuturut munding = sagala rupa nurutkeun batur
  200. Wawuh munding = wawuh ngan saliwat

Itulah beberapa babasan dan paribasa sunda beserta artinya. Bila ada kesalahan penulisan dikoreksi ya, karena beda penulisan, akan berbeda arti.

37 thoughts on “200 Babasan dan Paribasa Sunda Beserta Artinya

    1. Btm Online

      Paliron panginten Teh Tasya, sanes "Teu Meuleum, Teu Mais", tapi "Teu Mais, Teu Meuleum" hehe…hartosna : "Teu aya patalina atanapi teu pipilueun".

      Reply
  1. Bronjong kawat

    Hatur nuhun janten nambih elmu babasan sunda.

    Reply
    1. BtmOn Post author

      Eta lebet kana paribasa kitu? asa nembean mendakan. Pami ningal kamus basa sunda mah “baranahan” teh hartina berkembang biak, loba anakna. Sigana nu dimaksad “hayam Budi baranahan” teh nyaeta hayamna Budi (nami jalmi), hayamna loba anakna/keturunanna. Mangga bilih aya pamiarsa anu apal eta paribasa, pami aya eta ge…hehe

      Reply
  2. Jyng_park

    Harusnya babasan dan paribasa nya dipisah karna mempersulit saya untuk belajar,karna saya sedang home schooling sementara tolong prihatinnya,sebab indonesia sudah terjangkit covid-19 dan memprlambat proses belajar kami jadi terhentikan dan diadakanya home schooling dan saya mendapat tudag bahasa sunda untuk menulis sekitar 25 babasan beserta artinya dan harus menghapalkan sebanyak 10dan dividiokan jadi tolong babasan dan paribasanya dipisah agar saya mudah mengerti,sekian terima kasih

    Reply
    1. BtmOn Post author

      Aduh hapunten Neng Aqilah, masih bingung keneh kitu antawis babasan sareng paribasa sunda?

      Babasan (ungkapan), ucapan baku yang sudah tersusun biasanya gabungan hanya dua kata saja, misal :
      gede hulu,panjang leungeun, dsb. Kalau dalam Bahasa Inggris disebut “idiom”. Contoh babasan dalam Bahasa Inggris. Look for (mencari), look at (melihat), look after (menjaga), look forward to (menunggu-nunggu/mengharapkan), dst. Jadi sebenarnya mudah saja membedakan mana babasan dan mana paribasa/peribahasa. Kalau mau melihat contoh peribahasan bisa membuka artikel ini : https://www.bandungtimur.net/2015/08/dp-bbm-kata-kata-paribasa-sunda-bergambar.html

      Reply
  3. Azis

    Seneng kalo denger orang sunda ngomong, kebanyakan halus2 kalo jawa sudah jarang,

    Reply
    1. BtmOn Post author

      Abdi oge seneng aya anu ngaos ieu artikel, sok komo ngantunkeun jejak komentar…mugi mangpaat kangge urang sadayana…abdi urang sunda, tapi tiasa da nyarios jawa anu halus sakeudik-sakeudikeun mah…alhamdulillah kulo saget, senajan senes tiang jawi…matur nuwun sanget…

      Reply
    1. BtmOn Post author

      kacida sangsarana…bandinganna: Kokoro nyoso, malarat rosa, lebaran teu meuncit hayam : Kacida miskina.

      Reply
  4. Enjang

    Kang pnten,dupi pribsana artos ti slaki d cndak kjalmina te btuh naonya pribasana.

    Reply
    1. BtmOn Post author

      waah pertanyaan sulit nih…hehe…mangga bilih aya “para salaki” anu tiasa ngawaler ieu pertarosan…hehe

      Reply
  5. Ujang Katepel

    Alhamdulillah, aya nu miara ieu babasan sareng paribasa, mugia jnten amal kasaean kangge sadayana, simkuring sok rajeun didamel status babasan teh sakantenan sareng hartosna, supados teu ngolemar fahamna.
    Sae pisan kang. Hatur nuhun

    Reply
    1. BtmOn Post author

      Maksadna “kawas cai jeung minyak ya”? hartina: teu bisa ngahiji atawa teu bisa akur…

      Reply

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *