
Pangajaran basa Sunda bagian ka 8 (Sundanese Language Lesson Part 7), Kecap Sesebutan Waktu ” a word about time in the Sundanese Language “.
Dina kasempatan ieu urang sami-sami lebet dina Seri Pengajaran Basa Sunda bagian anu ka 8 hayu ah urang teraskeun pangajaran basa sunda…nyaeta ngeunaan ” kecap sesebutan waktu ” (kata yang menyebutkan waktu).
- wanci janari gede = kira-kira tabuh 01.00 – 03.00 peuting
- wanci janari leutik = kira-kira tabuh 03.30 – 04.30
- wanci balebat = waktu pajar geus udat-udat (sinar panonpoe) beulah wetan (± tabuh 04.30)
- wanci carangcang tihang = wanci liwat pajar, tetenjoan remeng-remeng keneh (± tabuh 04.30 – 05.00)
- wanci haneut moyan = waktu sedeng ngeunah dipake moyan (± tabuh 07.00 – 08.30)
- wanci rumangsang = waktu panonpoe geus mimiti karasa panas (± tabuh 09.00)
- wanci pecat sawed = waktu munding anu dipake magawe dilaan sawedna (± tabuh 10.00)
- wanci manceran/ lohor = waktu panonpoe luhureun sirah, tengah poe (± tabuh 12.00)
- wanci ngulon = waktu panonpoe geus mimiti ngeser ka kulon (± tabuh 13.00)
- wanci panonpoe satangtung = ± tabuh 15.00
- wanci tunggang gunung = waktu panonpoe geus rek surup ayana dina luhureun gunung (± tabuh 16.00 – 17.00)
- wanci sariak layung = waktu layung (sinar panonpoe) di langit katenjo beureum (± tabuh 17.00 – 18.00)
- wanci sareupna = geus mimiti reup poek (± tabuh 18.30)
- wanci sareureuh budak = waktu budak leutik geus mimiti carape-eun tas hareureuy jeung dulurna (± tabuh 20.00)
- wanci tengah peuting = ± tabuh 24.00
B. Sesebutan Waktu Sejenna
- Sakedet netra = (asalna sakedep netra), kedep = kiceup, jadi sakedet netra hartina sakiceup, nuduhkeun waktu anu sakeudeung pisan
- Sakilat = nuduhkeun waktu nu sakeudeung pisan, meh saharti jeung sakiceup, diupamakaeun kana (lilana) kilat nu ngaburinyay
- Sapanyeupahan = nuduhkeun waktu anu teu sabaraha lilana, kira-kira sarua lilana jeung anu keur nyeupah
- Sapangejoan = nuduhkeun waktu anu rada lila, kira-kira sarua lilana jeung nu keur ngejo (nyangu)
- Saumur jagong = kira-kira tilu bulan satengah
- Sataun landung = sataun leuwih
- Sawindu = dalapan taun
- Saabad = saratus taun
Sesebutan Waktu Sejenna deui
- poe ieu disebut ayeuna
- poe nu geus kaliwat sapoe disebut kamari
- poe sanggeus kamari disebut mangkukna
- sapoe nu bakal datang disebut isukan’
- sapoe sanggeus isukan disebut pageto
- sabada pageto disebut pageto amat
- waktu nu cikeneh karandapan disebut bieu
- waktu nu rada lila kaliwat disebut tadi
- waktu nu geus lila kaliwat disebut bareto
- waktu beh ditueun bareto disebut baheula
- waktu nu sakeudeung deui bakal karandapan disebut engke
- waktu nu bakal datang (lila keneh) disebut jaga, isuk jaganing pageto
C. Sesebutan/Ngaran Usum-usuman
1. Nu Patali jeung Kaayaan Alam
- usum mamareng = usum rek ngijih
- usum ngijih = usum hujan, ngecrek saban poe
- usum dangdangrat = usum panyelang antara usum hujan jeung usum halodo, hujan jeung halolo kakapeungan
- usum katiga = usum halodo
- usum barat = usum angin gede ( nu jolna ti kulon pacampur jeung hujan)
- usum selatan = usum loba angin anu jolna ti juru kidul wetan
2. Nu Patali jeung Kaayaan Masyarakat
- usum pagebug = usum loba nu gering parna, loba nu maraot
- usum sasalad = usum loba panyakit nu babari nepa
- usum patepok = usum loba nu kawin
- usum tigerat / paceklik = usum paila, kurang dahareun (pangpangna beas atawa pare)
3. Nu Patali jeung Tatanen
a. Tatanen di Sawah
- usum nyambut = usum mitembeyan ngagarap sawah (macul, ngawaluku, jsb)
- usum tandur = usum melakeun binih pare di kotakan
- usum ngarambet = mangsa patani miceunan jukut nu jaradi di antara tangkal pare
- usum celetu = mangsa pare geus mimiti cul-cel aya buahan hiji dua
- usum beukah = mangsa pare geus loba buahna nu barijil
- usum rampak = mangsa pare geus rata/ papak bareukah
- usum panen = mangsa dibuat, ngala pare
- rumpak jami = sabada panen
b. Tatanen di Huma
- usum nyacar = usum nyacar leuweung pikeun pihumaeun
- usum ngahuru = usum ngahuru/meuleum kai jeung kakayon sejenna nu geus gararing (meunang nyacar)
- usum ngaduruk = usum meresihan sarta ngadurukan kai nu can kebeuleum waktu ngahuru, meresihan lahan pikeun diaseukan
- usum ngaseuk = usum melak pare (di huma) ku cara nyocog-nyocogkeun kai nu meunang nyeukeutan tungtungna, sarta tapakna diasupan binih pare (bangsal)
- usum ngored/ ngoyos = usum meresihan jukut nu jaradi diantara luwukan pare ku parabot kored
- usum ngunjal = usum mawaan pare ti huma ka lembur (ka leuit)
4. Pranata Mangsa
Nu disebut pranata mangsa nyaeta perelean ngaran usum-usuman dina jero sataun. Geura titenan ieu dihandap :
1. Kasa (=kahiji), ti tanggal 22/23 Juni – 2/3 Agustus = usum mimiti melak palawija
2. Karo (=kadua), ti tanggal 2/3 Agustus – 25/26 Agustus = usum randu pucukan; melak palawija kadua
3. Katiga (=katilu), ti tanggal 25/26 Agustus – 18/19 September = usum beubeutian sirungan; panen palawija
4. Kapat (=kaopat), ti tanggal 18/19 September – 13/14 Oktober = usum sumur saraat; randu pentilan; usum melak cau
5. Kalima, ti tanggal 13/14 Oktober – 9/10 Nopember = usum turun hujan; asem pucukan; koneng ngadaun ngora
6. Kanem (=kagenep), ti tanggal 9/10 Nopember – 22/23 Desember = usum bubuahan mimiti karolot; usum ngagarap sawah
7. Kapitu (=katujuh), ti tanggal 22/23 Desember – 3/4 Pebruari = usum caah jeung gede angin; usum tandur
8. Kawolu (=kadalapan), ti tanggal 3/4 Pebruari – 1/2 Maret = usum pare reuneuh; loba hihileudan, jsb
9. Kasonga (=kasalapan), ti tanggal 1/2 Maret – 26/27 Maret = usum pare rampak; turaes ngear
10. Kasadasa (=kasapuluh), ti tanggal 26/27 Maret – 19/20 April = usum pare beuneur hejo; manuk-manuk nyarayang; usum palawija di tanah darat
11. Desta (=kasabelas), ti tanggal 19/20 April – 12/13 Mei = aya keneh waktu keur malawija; manuk-manuk maraban anakna
12. Sada (=kaduabelas), ti tanggal 12/13 Mei – 22/23 Juni = usum rumpak jami; isuk-isuk tiris.
Barudak ayeuna mah teu arapaleun geura…tong boroning barudak ketang, urang ge nu geus kolot nu ngaku urang sunda kadang-kadang sok ngarasa aneh, teu apal, kana ieu kecap sesebutan waktu, asa mendakan deui da jarang dilarapkeun tea dina kahirupan sapopoe..hehe
Tah eta di luhur teh sababaraha nu disebut ” kecap sesebutan waktu ” anu aya dina Basa Sunda (Bahasa Sunda). Mugi janten mangpaat dina raraga ngamumule basa jeung budaya sunda (menjunjung tinggi Bahasa dan Budaya Sunda).
BACA JUGA :
BACA JUGA :
- Seri Pelajaran Bahasa Sunda Bagian 1 (Sundanese Language Lesson part 1), Kecap Panganteur
- Seri Pelajaran Bahasa Sunda Bagian 2 (Sundanese Language Lesson part 2), Ngaran Anak Sasatoan (Names of Baby Animals)
- Seri Pelajaran Bahasa Sunda Bagian 3 (Sundanese Language Lesson part 3), Ngaran Kekembangan
- Seri Pelajaran Bahasa Sunda Bagian 4 (Sundanese Language Lesson part 4), Ngaran Patukangan
- Seri Pelajaran Bahasa Sunda Bagian 5 (Sundanese Language Lesson part 5), Ngaran-ngaran Rupa-rupa Kasakit
- Seri Pelajaran Bahasa Sunda Bagian 6. Kecap Sesebutan Kaayaan (Sipat) (Sundanese Language Lesson Part 6, adjectives, words that describe a state / trait something)
- Seri Pelajaran Bahasa Sunda Bagian 7 (Sundanese Language Lesson part 7), Kecap Sesebutan Bilangan
- Seri Pelajaran Bahasa Sunda bagian ka 8 (Sundanese Language Lesson Part 8), Kecap Sesebutan Waktu
- Seri Pelajaran Bahasa Sunda Bagian 9, Ngaran Patempatan / Nama-nama Tempat