Seri Pelajaran Bahasa Sunda Bagian 5 (Sundanese Language Lesson part 5), Ngaran-ngaran Rupa-rupa Kasakit

By | 16 Mei 2011

Ngaran-ngaran Rupa-rupa Kasakit (nama-nama macam-macam penyakit pada tubuh)

(Sundanese Language Lesson Part 5,The names of various diseases on the body)

Ngaran Kasakit, rupa-rupa kasakit

Pada kesempatan ini kita akan mempelajariSeri Pelajaran Bahasa Sunda bagian 5 yakni tentang ” ngaran-ngaran rupa-rupa kasakit” (nama-nama macam-macam penyakit pada bagian tubuh).

  • Babareuhan = kasakit (busung lapar), barareuh meh saluar awak; kasakit bareuh di hiji tempat dina awak (semu muncunghul kawas bisul, ngan taya mataan)
  • Balas bogo = kasakit kulit sabangsa hapur, warnana bodas, semu karadak
  • Borok = kasakit kulit mangrupa koreng
  • Botoleun = kasakit dina dampal suku anu liangan
  • Budug = kasakit kulit, barudus atawa carenang, biasana arateul lantaran kuman
  • Bungkul = sabangsa bisul ngan leuwih teuas
  • Cacar = kuris, kasakit kulit nu babari tepa, carenang dina sakujur awak
  • Cacingeun = kasakit (budak) dina beuteung lantaran cacing.
  • Cenang = sarupa bisul ngan leutik, aya nanahan, biasana lantaran ateul nu digaro, tuluy infeksi
  • Conge = kasakit dina jero ceuli (budak), kaluar nanah.
  • Daging jadi = daging anu jadi teu samistina tur ngalantarankeun ayana kasakit, daging jadi biasana dina tikoro, leungeun, jsb
  • Ewateun = kasakit kulit, warnana semu beureum ngagebleg (meh siga kulit ganas). karasana ateul, renyem; ganaseun sok aya oge nu nyebut “sekat”.
bersambung (to be continued…)
Demikian beberapanama macam-macam penyakit pada tubuh dalam Basa Sunda (Bahasa Sunda). Semoga bermanfaat dalam ngamumule basa jeung budaya sunda (menjunjung tinggi Bahasa dan Budaya Sunda).

BACA JUGA :

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *