Seri Pelajaran Basa Sunda Bagian 11, Rupa-rupa Diuk (Macam-macam Duduk)

By | 8 September 2017
belajar bahasa sunda nama macam-macam duduk
Belajar Bahasa Sunda, Macam-macam Duduk dalam Bahasa Sunda.

Bahasa Sunda memang kaya dengan kosakata. Untuk urusan diuk (duduk) saja ada nama-namanya. Kali ini kita akan mempelajari dan mengenali macam-macam duduk dalam Bahasa Sunda.

  • Andegleng = diuk ajeg tumaninah dina korsi.
  • Andeprok = emok rekep (pikeun awewe).
  • Anjeucleu = diuk ngeunah-ngeunah di tempat nu rada luhur (dina tonggong munding, kuda, jste)
  • Campego = cingogo kawas aya nu didagoan.
  • Candeluk = diuk sabarahana lilana kawas aya nu didagoan.
  • Cangogo/ cingogo = nagog, peta saperti nu keur bubuang.
  • Emok = diuk awewe, sukuna duanana ditikelkeun semu ka gigir ditindihan ku dua pingping
  • Emok cabok = emok nu pingpingna dipatumpangkeun
  • Nagog = cingogo
  • Nanggeuy gado = diuk biasa ngan leungeun sabeulah dipake nanggeuy gado; diuk nanggeuy gado biasana keur ngalamun atawa bararingung pipikiran.
  • Ngabaheuhay = diuk nyanghunjar bari suku direnggangkeun, biasana lantaran cape.
  • Ngabebengkung = diuk lila rada semu bengkung, bari nganggunr.
  • Ngalageday/ngalegeday = diuk nyangsaya biasana dina korsi males, jste
  • Nyanghunjar = diuk bari ngalonjorkeun suku sabeulah.
  • Nyanghunjar lembar = diuk bari ngalonjorkeun suku duanana.
  • Nyangsaya = diuk bari nyarandekeun awak kana tempat nu disarandean.
  • Sidengdang = diuk bari suku duanana dirumbaykeun (biasana diuk di imah panggung nu aya kolongan); lamun sukuna duanana di ayun-ayun disebutna ucang-cangan. Lamun suku nu diayun-ayun bari didiukan budak, disebutna ucang-angge (sarupa kaulinan).
  • Sideuha = diuk emok atawa sila bari leungeun sabeulah dipake nulak awak.
  • Sila = diuk bari nikelkeun suku duanana handapeun pingping nu didengkakkeun.
  • Sila andekak = sila semu rubak, biasana bari nyanghareupan kadaharan.
  • Sila ipis = sila rubak, tuur anggang pisan tepi ka jebrag.
  • Sila mando = sila bari leungeun duanana aya diantara dua suku nu ditumpangkeun, awak biasana semu doyong ka hareup.
  • Sila tumpang = sila bari dampal suku duanana numpang dina pingping kenca katuhu.
  • Sila tutug = suku nu sabeulah sila, sedeng nu sabeulah deui ditutugkeun.
Tah eta para pamiarsa, rupa-rupa diuk dina basa Sunda. Nu tara make mah asa aheng ieu basa teh nya. Nya mugi wae ieu ngajadikeun sumbangsih dina raraga ngamumule basa sunda. Cag ah ! urang praktekkeun dilarapkeun dina kalimah obrolan sapopoe.
Baiklah, itulah nama macam-macam duduk (rupa-rupa diuk) dalam Bahasa Sunda.

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *