Seri Pelajaran Bahasa Sunda Bagian 7 (Sundanese Language Lesson part 7), Kecap Sesebutan Bilangan

By | 18 Mei 2011
japati sajodo

Pangajaran basa Sunda bagian ka 7 (Sundanese Language Lesson Part 7), Kecap Sesebutan Bilangan)

Dina Bahasa gaya na mah ” a word about the numbers and size in the Sundanese Language”.

kecap sesebutan bilangan

Hayu ah urang teraskeun pangajaran basa sunda…. 

Dina kasempatan ieu urang sami-sami lebet dina Seri Pengajaran Basa Sunda bagian anu 7 nyaeta ngeunaan ” kecap sesebutan bilangan ” (kata yang menyebutkan suatu jumlah, angka atau ukuran). 

Barudak ayeuna mah teu arapaleun geura…tong boroning barudak ketang, urang ge nu geus kolot nu ngaku urang sunda kadang-kadang sok ngarasa aneh, teu apal, kana ieu kecap sesebutan bilangan, asa mendakan deui da jarang dilarapkeun tea dina kahirupan sapopoe..hehe 

A. Kecap Sesebutan Bilangan (Nuduhkeun Jumlah)

  • Salosin = dua belas (12)
  • sakodi = dua puluh (20)
  • Salikur = dua puluh hiji (21)
  • Dua likur = dua puluh dua (22)
  • Tilu likur = dua puluh tilu (23), jst.
  • Salawe = dua puluh lima (25)
  • Saraju = opat puluh (40), sok dilarapkeun kana bilangan lauk
  • Sawidak = genep puluh (60)
  • Sagros = saratus opat puluh opat (144)
  • Salaksa = sapuluh rebu (10.000)
  • Saketi = saratus rebu (100.000)
  • Sayuta = sajuta (1.000.000)

B. Kecap Sesebutan Bilangan nu Dilarapkeun kana Barang nu Tangtu

  • Ambekan = sadami
  • Awi = sabebek
  • Awi = saleunjeur (satangkal)
  • Awi = sadapur (sagunduk nu diwangun ku sababaraha tangkal)
  • Bako = salempeng
  • Bangsal = sacangi (sasiki)
  • Bawang = sasihung (sasiki)
  • Beas = sacanggeum
  • Bilik = sailab (sagebing)
  • Boeh = sarirang (tilu iket)
  • Cai = sakeclak (satetes)
  • Cangkir = satangkep (cangkir katut pisinna)
  • Cau = sasikat
  • Cau = saturuy (sababaraha sikat)
  • Daun = saponggol (sagagang daun)
  • Daun = sakompet (sababaraha ponggol meunang nyuitan, tuluy dilipet)
  • Eurih = sajalon (meunang ngadempet ku awi pikeun hateup)
  • Gula kawung = sagandu (dua bebek, bua beulah)
  • Hayam = sajodo (sapasang bikangna jeung jagona)
  • Injuk = sakakab (sagebleg, meunang nyolokopkeun tina tangkal kawung; injuk sok dipake tambang atawa sok dipake nutupan suhunan imah)
  • Jahe = sarempang
  • Jambe = samanggar
  • Japati = sajodo
  • Kalapa = sahulu
  • Kalapa = samanggar
  • Kaso = sadapur; saluwuk
  • Kertas = salambar
  • Koneng = sasolor
  • Manjah = sadapur; saluwuk
  • Munding = sarakit (dua munding)
  • Muncang = sadampa (dampa sesebutan kana muncang anu sikina dua, ari nu sikina tilu disebut gindi, jeung nu sikina hiji disebut gendul).
  • Nangka = sacamplung (sasiki)
  • Pakean = sapangadeg
  • Papan = salambar
  • Pare = saranggeuy (sagagang), tingali ukuran beurat jeung lobana pare di handap!)
  • Peuteuy = sapapan
  • Peuteuy = sahanggor (saranggeuy, sababaraha papan)
  • Peuteuy = saempong (sababaraha hanggor)
  • Salak = samanggar
  • samak = saheulay
  • Samping = sakodi
  • Sangu = sapiring
  • Sawah = sakotak
  • Suluh = sabebek (nuduhkeun hiji – sabeulah)
  • Suluh = sahurun (sabeungkeut)
  • Tambang / tali = sabatekan
  • Uyah = sahuntu (saguruntul, kira-kira sagede huntu)
  • Uyah = sagandu; sabata

C. Ukuran Beurat jeung Lobana Pare

  • Saranggeuy = sagagang
  • Sapocong = satengah geugeus (pikeun ukuran pare nu ranggeuyan, kira-kira ranggeuyanana bisa kakeupeul)
  • Saeundan = sapocong
  • Sageugeus = dua pocong nu dibeungkeut dihijikeun
  • Sagedeng = sageugeus
  • Sasangga = 5 geugeus
  • Salajer = 4 sangga = 20 geugeus
  • Sacaeng = 200 geugeus = 2 madea = 4 tanggung = 10 lajer = 40 sangga
  • Sabawon = 4 pocong
  • Satanggung = 50 geugeus
  • Saundem = pikeun ukuran beas anu ditaker ku batok, kira-kira satengah leter.
  • Samadea = satengah caeng = 100 geugeus = 6 kati.
  • Sakati = kira-kira 817,5 gram
  • Saganteng = 10 undem = 5 kati = 3087,5 gram
  • Saleter = 1 desimeter kubik
  • Saemud = kira-kira saleter leuwih.
  • Sakulak = kira-kira 2,5 kg, keur ukuran beas
  • Sapikul = 100 kati, kira-kira 62,5 kg, keur ukuran bangsal
  • Sadacin= sapikul

C. Ukuran Panjang jeung Lega

  • Satumbak = 3,77 meter
  • Sabata = 14 meter pasagi
  • Sapal = 1,5 kilometer
  • Samil = 1,5 kilometer
  • Saare = 100 meter pasagi
  • Sahektar = 100 are
  • Sabau =  500 bata = 7096,50 meter
  • Sakaki = 0,3 meter = 30 cm (30 sentimeter)
  • Saelo = 0,688 meter
  • Saicak = saelo persegi
  • Sadim = satapak jempol
  • Sajeungkal = sapanjang ti tungtung indung leungeun tepi ka tungtung cingir upama dipentangkeun = kurang leuwih 20 cm
  • Sajeujeuh = sarua jeung panjang dampal suku kolot
  • Sadeupa = sapanjang ti tungtung ramo leungeun kenca tepi ka tungtung ramo leungeun katuhu upama dipentangkeun = kurang leuwih 1,60 meter
  • Satampah = kira-kira sagede dampal leungeun kolot.
  • Sakodok = ti tungtung jajangkung nepi ka kelek

Tah eta di luhur teh sababaraha nu disebut ” kecap sesebutan bilangan ” anu aya dina Basa Sunda (Bahasa Sunda). Mugi janten mangpaat dina raraga ngamumule basa jeung budaya sunda (menjunjung tinggi Bahasa dan Budaya Sunda).


BACA JUGA :

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *